Daerah

Dang Engkos Putra Pak Camat

Kamis, 7 Mei 2020 | 00:00 WIB

Dang Engkos Putra Pak Camat

Sejumlah yatim menerima santunan dari sebuah perusahaan di Mimika, Papua. (Foto: NU Online/istimewa)

 

Mun geus tereh lilikuran biasana mah. Ajengan ngabedahkeun keur kikintunan ka menak-menak. Kitu umumna ari Lebaran teh kapan.
Mun kikiriman ti bangsa asing (ti Cina umumna mah) disebutna panganter, ari ti bangsa urang keneh mah teu umum disebut panganter. Kikiriman biasa bae.
Salian ti bangsa Juragan Wadana, Camat jeung Lurah, nu kaasup kana golongan menak nu sok dianteuran teh, kitu bae bangsa mantri klinik, jurutulis camat, jurutulis wadana jeung mantri guru.
Demi lobana kikiriman, gumantung kana "kamenakanana". Hartina ka nu dianggap leuwih menak, nya meureun leuwih loba kikiriman teh. Kitu puguh oge hirup mah (kitu saur Ajengan), ka nu boga, sok leuwih gede beberean teh.
Kungsi ku kuring ditalengteng, naon sababna pang kitu. Ari saur Ajengan, "Ari barangbere teh kudu katarimaeun. Kudu matak jadi atoheun. Mun mere duit saketip ka nu teu boga, geus tangtu katarimaeunana. Tapi lamun mere saketip ka nu beunghar mah, piraku atoheun. Malah asa dihina meureun.
Eta sababna, pang ka nu boga mah ngirim teh kudu leuwih gede batan ka nu teu boga.
Sangkan katarimaeun. Sangkan atoheun. Jeung sangkan aya gunana.
Pok deui kuring nanya, "Ari kitu mah asa teu adil atuh Ajengan! Padahal nu beunghar mah geus teu butuheun. Sedeng anu pohara butuheunana, mah anu teu gaduh."
Ngajawabna pondok pisan Ajengan teh... "Da atuh ngan Pangeran anu adil mah." Peun, ngan sakitu-kituna. Kuring henteu bisa hojah deui.
Tah mun keur nyanghareupan Lebaran kitu, tingalabrul santri-santri teh ngajaringjing lauk nu dibungkus ku gebog cau. Ku upih malah lamun keur ka Juragan Camat atawa Wadana mah.
Dina keur kitu, kuring nu sok meunang papancen pangbeuratna. Ari sababna, nya kuring nu sok kapeto kudu mawa kikiriman ka nu disebut pangmenakna teh. Bisa jadi pedah di antara santri-santri, kuring dianggap pang "pantesna" lamun ngadeuheusan ka menak. Geus ngambeu hirup di kota bakuna mah. Jadi moal matak ngerakeun, moal dusun teuing lamun jol ka menak teh.
Jeung enya, kuring mah geus rada nyaho deuih kudu kumaha teh. Keur budak sok remen ari nyanghareupan menak dibawa deudeuheus ku indung. Lain kuring nu sok ngajingjing laukna mah. Tapi Si Atok. Lauk emas Si Nyonya sagede-gede orok nu sok dibawana oge. Tara kurang ti tilu keur ka saurangna eta teh.
 

Dang Engkos Putra Camat    55
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
Demi ti pasantren ka kacamatan atawa ka kawadanan teh jauh. Aya kana sapuluh kilona. Tapi resep nu aya, itung-itung ngabuburit. Geus iuh sok indit teh. Ngahaja make papakean hade. Kopeah oge tara make kopeah samak kawas nu sok dipake sapopoe, tapi sok kopeah buludru nu dipakena oge ukur sok salebaran sakali. Si Atok ngiclik nuturkeun bari ngajingjing lauk. Beunang ngadangdanan. Sok diinjeuman baju jeung sarungna ti kuring Nu beresih. Ngarah ulah ngerakeun. Make sarungna dipaksa kudu dibeubeuran, teu dibikeun bendelah-bendeleh kawas biasana.
Tangtu bae, moal enya jol ti hareup ka bumi Juragan Camat mah.
Ti tukang jol teh. Tah lebah asupna, santri-santri nu sok waregaheun teh. Cenah, mun asup ka imah menak teh sok tara puguh polah. Sok bingung. Naha kopeah kudu dicuplak atawa entong. Naha meunang pupuntenan tarik? Atawa kudu lalaunan? lamun euweuh nu ngadengeeun. Kumaha mun Kumaha aya anjing?
Jeung saterusna, jeung saterusna.
Ari kuring henteu bingung ari asup-asup bae mah Geus biasa ti bubudak.
Eta inget nepi ka ayeuna. Ari Juragan Camat teh kagunganeun putra dua. Nu hiji pameget, Dang Engkos, nu hiji deui istri, Dang Mimin. Dang Engkos sakolana di sakola menengah kakara kelas hiji, ari Dang Mimin mah kakara di sakola dasar kelas opat.
Mun kuring datang, kadenge Dan Mimin gogorowokan, "Mamah, mamah, aya santri nu sok ka dieu tea, ngirim lauk!" Sanajan kakara jol oge, da geus apaleun ka kuring. Yen kuring teh santri ti pasantren. Da sok remen ka kacamatan, mun ngiring Ajengan. Ari malem Jumaah rek ngadon ngaji.
Atuh jol juragan Istri. "Aeh geuning urang pasantren etah," saurna. "Yap ka dieu, ka jero!" Mamandapan pisan kuring asup teh. Gek diuk dina bangku hareupeun dapur.
Mun tas nyanggakeun kikiriman, kuring teh tara buru-buru balik. Da sok diandeg, sok diajak sasauran heula ku Juragan Camat istri. Mun keur kitu, Dang Mimin sok milu diuk dina bangku, atawa lelendehan ka Mamahna.
Cek anggapan harita, asa moal aya di sakolong langit oge meakeun nu bageur kawas Juragan Camat istri. Darehdeh pisan. Sok panjang papariksaan teh. Harita oge panjang mariksana. puguh asa-asa, Saurna, "Ke ari Ujang teh putra saha? Ti mana nya lembur?" Basa kuring nyebut ngaran bapa, anjeunna henteu emuteun.
Tapi basa kuring nyebut jenengan indung kuring, mani teu sirikna ngarontok anjeunna ka kuring teh. "Saurna masya Allah, paingan... paingan ti bareto oge asa-asa budak sorangan.
Kutan anak... disebut ngaran indung kuring. Ieuh, basa keur orok mah kapan..... (disebut
 

Dang Engkos Putra Camat    56
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
ngaran kuring) kungsi dipapangku. Pakokolot supa jeung Si Engkos teh. Ngan ukur beda popoean dilahirkeunana oge. Geus poho deui meureun, keur budak, mah remen kapan dibawa ku ema. Ke, naon nyebut teh? Erna, aeh Mamah kapan, lain?"
"Sumuhun", walon kuring.
"Di mana Mamah ayeuna teh, tetep keneh bae di Banjarsari? Leuh, sono hayang papanggih. Ku naon cenah, tara ka dieu-dieu?"
Kuring teu ngajawab. Keur kitu, jol Juragan Camat pameget. Saur Juragan Camat istri, "Yeuh emut ka budak ieu? Kapungkur geuning basa urang keur jadi mantri pulisi. Emut ka ceuk (ngaran indung kuring)?"
"Lailaha illallah," saur Juragan Camat. "Nu saumur jeung Si Engkos tea?" Solongkrong atuh kuring munjungan rengkuh naker.
Inget keneh, ari balik teh kuring dipaparin baju sapangadeg. Urut Dang Engkos. Moal poho-poho kana rupa bajuna oge nepi ka ayeuna. Calanana bulao, geus rada belel, tapi wedel keneh. Bajuna semu gading.
Diajaranana oge dipiwarang di kamar Dang Engkos. Ari bus, katembong nu boga kamar keur maca buku, bari dadapangan dina pangsareanana.
Sakitu bageurna, boh Juragan Camat istri, boh Juragan Camat pameget, tapi moal aya nu pikasebeleun kawas Dang Engkos. Ah, da budak rehe teh ieu mah. Nya tungi, nya gede hulu, Leuheung mun kasep.
Sup kuring ka kamarna teh, sugan cengkat atuh atawa nanya. Ih, da tonggoy bae, api-api teu nenjo. Ngarasa hina meureun, pedah kamarna diasupan ku kuring, santri ti pasantren. Padahal manehna teh di sakola menengahna oge kakara kelas hiji, tapi ari kalakuan alah batan satuden.
Basa kuring rap ngajaran baju, manehna buru-buru ka luar. Kadenge nanya ka indungna, "Mah, acuk eta nu dibikeun ka santri budug teh?"
Henteu ari Dang Mimin mah henteu gede hulu kitu. Duka pedah budak keneh bae. Eta bae, basa baju ku kuring tas diajaran teh, dipangmungkuskeun ku Dang Mimin.
Beh dieu, beh dieu, kuring kungsi papanggih jeung Dang Engkos teh. Ngahaja neangan kuring. Rek menta tulung, hayang digawe di hiji perusahaan. Anu matak menta tulung ka kuring, pedah nyahoeun yen pamingpin eta perusahaan sobat kuring. Ditulungan harita oge, make surat ti kuring. Cenah tuluy ditampa digawena, ngan teu lila. Kaluar deui. cek sobat kuring pamingpin perusahaan tea, "Pagawe nu diasongkeun ku ilaing teh, rada kedul."
 

Dang Engkos Putra Camat    57
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
Memeh balik, Juragan Camat istri teh kungsi mariksa deui rada panjang, naon sababna pang kuring masantren, naha rek saumur-umur jadi santri, naha moal sakola deui jeung saterusna.
Ngan henteu pok bae anjeunna nyaurkeun, yen kuring mending sakola deui. Da kitu jigana ari maksudna mah.
Saterusna, meh unggal kacamatan anjeunna ngagelendut ka kuring, sangkan kuring sakola deui
Tapi... lain. Lain lantaran remen digelendut ku Juragan Camat istri, pang ahirna kuring indit ti pasantren jeung nuluykeun deui sakola teh. Lain ku remen disebut "nyaah mun teu neruskeun sakola" ku Juragan Camat istri.
Lain, lain lantaran eta. Saba pangpangna mah, nu matak kuring nepi ka indit ti pasantren nuluykeun deui sakola taya deui iwal ku... Dang Engkos. Ku dihina ku anak Camat. Dihina pedah kuring masantren. Da dibeja-bejakeun ka batur atuh, yen baju manehna dibikeun ka santri budug.
Muncakna pikasebeleun anak camat teh, basa dina hiji poe datang ka pasantren. Mawa batur sakolana saurang. Marake "pet" daratangna teh. (Murid sakola menengah jaman Jepang mah sok make pet). Rek ngabuburit, pokna mah. Teuing enya paruasa, teuing henteu saenyana mah.
Ari jol ka pasantren, pohara dibageakeunana ku Ajengan teh. Eta bae, da Ajengan keur ngabandungan santri-santri maca Tijan oge ditinggalkeun, pedah aya anak camat datang. Semah-semah teh narempoan kobong. Teu beda jeung mandor pasar, keur ngontrol nu dagang. Sagala diilikan, sagala dicabak. Akhirna nya sup pisan ka kobong kuring. Si Atok keur sare ngarengkol. Ari baju kuring pamerena tea digantungkeun dina paku luhureun tempat sare kuring. Naha, da dikoer atuh baju teh ku iteuk wareguna. Pokna ka baturna, "Tah euy baju dewek tereh bututna!" (Padahal baju teh can kungsi dipake ku kuring). Kadenge pisan ku ceuli kuring eta omonganana teh. Wallahi, lain bohong.
Harita kadenge ku kuring Ajengan mariksa, "Dupi Dadang teh ayeuna sakola naon? Upami parantos kaluar bade jeneng kana naon?"
Ngajawab anak camat teh, "Di Cugakko (SMP mun ayeuna mah) sakolah mah Mama, upami pareng mah bakal jadi mister." Eta rehe teh ku sikepna. Ngomongna kitu teh da bari ngareret semu ngahina ka santri-santri nu aya di dinya. Pokna deui, "Mama, naon margina ari santri-santri sok kawartoskeun seueur nu budug?" Bari imut Ajengan ngajawab, "Ah, teu sadaya santri budug, Dadang! Nu budug mah, bongan bae jorok!" Nyaur kitu teh Ajengan bari ngareret ka kuring. Taksiran anjeunna uningaeun, yen hate kuring ngentab-ngentab
 

Dang Engkos Putra Camat    58
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
bakat ku ambek. Padahal mah, mun dipikir ayeuna, naha kuring make kudu panas ku manehna? Naha lantaran sikep Dang Engkos kitu, kuring make hayang enggeusan masantren?
Tapi kitu harita mah. Ti harita, ti sabarang Dang Engkos nembongkeun kalakuan nu matak nyeri di kobong, mimiti jorojoyna hate kuring pikeun nuluykeun deui sakola teh.
Tapi wani sumpah, harita oge lain lantaran kuring ngarasa hina pedah jadi santri, tapi gegedena mah yakin, yen lamun kuring mah, mun nuluykeun sakola moal eleh-eleh teuing ku Dang Engkos. Da ari kuring mah, mun nuluykeun sakola teh teu kudu asup deui ka sakola dasar, tapi bisa tuluy ka sakola menengah. Geus tujuh taun cek kuring oge sakola di H.I.S. teh. Taksiran, kamanah ku Ajengan oge, kumaha rarasaan kuring harita, basa Dang Engkos ka kobong tea. Da sanggeus anak camat balik teh, karasa ku kuring Ajengan neuteup bae. Rada malibir sasauranana oge. Henteu ka kuring malah ningalina oge, tapi ka Si Obi. Saurna, "Nu eusian mah tara disada, sok repeh. Nu disada mah, umumna ngan nu taya eusian. Ibarat kohkol. Beuki gede lahanna nu kosong, beuki ngentrung sorana. Ari jalma mah kudu kawas pare. Pare mah, ti barangjadi, nepi ka buahan, nepi ka beunang digunakeun ku manusa, tara disada. Malah beuki beuneur beuki tungkul."
Kaharti ku kuring oge. Ka kuring maksudna mah Ajengan sasauran teh. Itung-itung ngupahan meureun, pedah kuring ngarasa teu ngeunah ka Dang Engkos.
Kumaha ari santri-santri nu sejen? Ih, euweuh da euweuh nu ngarasa teu ngeunah. Malah Si Atok mah mujina oge sataker kebek. Pokna, resep aya putra menak keresaan, angkat ka pasantren. Aya ketah, nu ngarasa teu ngeunah teh. Mang Udin, Pokna oge, putra menak teh teu matak resep nenjo. Tapi kituna teh lain kawas kuring, ngarasa teu ngeunah ku ucapanana, tapi Mang Udin mah teu resepeun teh, pedah cenah, basa tadi keur di bumi Ajengan. Dang Engkos palatat-peletet bae ka Nyi Halimah. Cek Si Atok tea mah, "Timburuan Mang Udin mah."
Bada buka, aya Kang Haer ka kuring. Cenah, bada taraweh kuring disaur ku Ajengan ka bumina.
Cek Si Aceng, "Hayang ana mah jadi anta". "Na kumaha kitu?" walon kuring.
"Eta bae, kari-kari tadi ana nenjo Nyi Halimah ngala daun keur mais lauk ayeuna anta dititah ka "baetiha" (imahna). "Ana mah kirim huluna bae ya achi (dulur), cek Kang Haer milu ngaheureuyan.
"Salami ilaiha (salam ti kuring ka manehna)" Si Komar nyelengkeung bari ngosom keur dahar kulub sampeu. "Minni aedon (ti kuring deuih)" cek si Sakim ti juru. "Uskutu (caricing)!" Mang Udin nyentak. Manehna keur mereskeun kitab dina tempat sarena. "Lam tandziiruna ( naha maraneh teu nenjo), yen ana keur digawe?" Jep atuh sarerea repeh. Biasa Mang Udin mah, sok ngambek ari aya nu ngaheureuykeun Nyi Halimah teh.
 

Dang Engkos Putra Camat    59
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
Kuring sila tihang deukeut teh deukeut panto dapur. Ajengan nyarande kana jandela. Ibu Ajengan ngalemar deukeut panto pangkeng. Ari Nyi Halimah kareret ku kuring diuk di pangkeng. Tapi deukeut panto. Jadi tukangeun indungna. Teu kaciri rupana mah, ngan katembong sampingna wungkul. Semu nyalindung dina balik panto.
"Geura eta Aden," cek Ibu Ajengan. "Candil, cing raosan. Beunang "uchtuka" (dulur anjeun
— maksudna, Nyi Halimah) ti Asar mula ngeprek. Napsu, nyieun candil mani sapanci." "Enya, Aden, mangga eta geura! Cek ana mah amis teuing puguh." Saur Ajengan.
Jijieunan nu puasa kituna tea mah, Aden. Teu aneh, mun aya kakurangna, da puguh henteu bisa diasaan. Jeung eta mah kolot bae meureun. Moal geura, keur nu anom mah moal amis teuing!" saur Ibu Ajengan deui.
Sanggeus kuring dahar candil beak sapiring. Ajengan ngadehem bari mareuman sesep daun kawungna.
Sanggeus kitu, pok ngamimitian sasauran. "Kieu geura, Aden. Pang anta diala teh, aya picaritaeun. Saenyana mah ti barang aya Adang putra Juragan Camat tea ieu picaritaeun teh ayana di ana. Tapi kakara aya waktu nu mustarina ayeuna.
Ku ana oge karasa katenjo jeung katangen pisan, yen anta pohara ngarasa teu ngeunahna ku kalakuan jeung ucapan Dang Engkos basa ka dieu. Bener, dalah ana sorangan ngarasa teu ngeunah ku putra Juragan Camat teh. Ari sababna, karasa pisan, yen Adang teh ngahina santri-santri. Moal karasaeun ku santri-santri nu sejen mah jigana, tapi tangtu ari ku anta mah karasa pisan. Sedeng ari santri teh kabehanana anak ana. Kabungah santri jadi kabungah ana, kitu deui kanyeri santri jadi kanyeri ana." Ngarandeg heula sasauranana Ajengan teh. Diselang ku ngageleng-geleng daun kawung, geus kitu nekerkeun batu paneker. Bul kawulna ngebul. Wel, kawul hurung teh diwewelkeun kana tungtung daun kawungna. Nyerebung deui nyesep, bangun ni'mat, naker. Geus ngarot deui kopina tina bekong, pok deui sasauran, "Beu pirang-pirang nuhun basa Juragan Hatib (aki kuring) bareto sumping nganteurkeun anta ka dieu. Mani asa dianggap ana teh. Kitu deui muji sukur ka Anu Agung anta anu geus ngambeu sakolaan, make keresa masantren, sasatna mulungan elmu ti ana anu bodo balilu. Tapi ku kituna, ti sabarang jol oge anta ka dieu, ana mah teu ngaharep anta saumur-umur masantren. Leuh,paralun teuing mun ana teu resep anta aya di dieu. Paralun nu puguh mah nambahan reugreug. Karasa ku sarerea oge, anta teh geus mawa kamajuan ka pasantren.
Maksud ana teh, yen anta kudu sakola deui. Kawas anu sejen-sejen. Kawas putra Juragan Camat atuh conto nu deukeut mah. Ari ana terang pisan, boh ka aki anta, boh ka tuang rama, yen aranjeunna teh jalmi palinter. Atuh kasaksian ku sorangan, yen Aden oge encer uteuk teh.
 
Dang Engkos Putra Camat    60
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
Tobat Aden, lain ana ngajurung-jurung supaya incah ti pasantren. Tobat lain kitu maksud ana. leu mah ngajurung laku bisi anta rek tuluy sakola deui." Reg deui ngarandeg. Ajengan teh sasauranana. Ningali ka pangkeng. Taksiran kakara kauningaeun, yen Nyi Halimah, mihi ngadengekeun dina balik panto. Saurna senih nyentak, "Limali, limadza tadjlisin liunaka?" (ku naon diuk di dinya?) Kareret Nyi Halimah, ngolesed kajero.
Panjang lebar naker Ajengan sasauranana teh. Nu cindekna mah ngajurung laku pisan, meh kuring hayang nuluykeun deui sakola. Dibarengan ku jiadna, sangkan kuring dirahmat ku Pangeran dunya jeung aheratna (amin).
Ari keur kitu, Ibu Ajengan mah teu sasauran nanaon. Jongjon bae ngalemar. Ngan meus-meus ningal ka jero pangkeng, ningalian Nyi Halimah bangunna mah.
Nu tadarus oge, keur meujeuhna harusu pisan, basa kuring balik ka kobong teh. Pada muru-muru datang teh, da kuring mawa candil mani dua rantang. Saur Ibu Ajengan, "Candak bae keur barudak, nyaah di dieu oge bisi mubah."
Bada marurak candil, kuring ngajak musawarah perkara nu disaurkeun ku Ajengan tadi.
Kontan Si Atok mah ngomongna, "Ah, cek ana mah nanaonan make sakola deui. Di dieu oge kapan sakola. Sarua bae. Malah di dieu mah sakolana keur dunya jeung aheratna. Sakola bari diridoan pisan ku Pangeran. Sakola neangan keur bekel maot"
Loba nu sapamanggih jeung Si Atok, di antarana santri nu kolotna, Kang Haer. Ngan Mang Udin nu sejen teh. Ieu mah pokna teh, "Ari cek ana mah enya mending sakola deui anta mah, nyaah!" Kakara ge sakitu Mang Udin nyaritana, celengkeung manten Si Umar nambalang, "Ah Mang Udin mah, resep mun Aden indit sabab..." Da ngan sajorelat atuh ngajengkatna Mang Udin bari nyekel beuheung baju Si Umar. Pokna bangun ambek pisan, "Limadza (ku naon), limadza qui (caritakeun) limadza?" Si Umar teu ngajawab deui, katembong pias bakat ku reuwas. Geus aya kajadian kitu mah, musawarah teh bubaran. Sugan teh moal ngomong deui Si Umar. Ari pok teh ka kuring semu ngaharewos, "Mang Udin mah atoheun anta indit teh, sabab manehna jongjon ngahelaran Nyi Halimah." Kuring teu ngajawab.
Meunang sababarana poe kuring nimbang-nimbang pekara sakola deui atawa entongna. Ari sakola hayang, ari ninggalkeun pasantren wegah. Inget kana "bekel keur ka aherat" saperti nu dicaritakeun ku Si Atok tea bakuna mah.
Nu kitu tea mah da Dang Engkos anak camat tea. Nu matak kuring mah kakara beh dieu, beh dieu henteu ngewa ka anak camat teh. Da anggapan harita mah, kabeh anak camat kalakuanana kawas Dang Engkos, teu beda ti anggapan Dang Engkos yen santri loba nu budug.
 

Dang Engkos Putra Camat    61
 
Dongeng Enteng ti Pasantren
Kakara beh, dieu, beh dieu kuring boga anggapan, yen ari jadi camat teh, henteu goreng. Da harita mah, cek hate, pangembung-embungna mun kudu jadi camat. Sieun boga anak kawas Dang Engkos